KISI-KISI BAHASA SUNDA KELAS VII Semester genap 1. Ragam basa sunda aya 3 nyaeta Basa kasar, basa sedeng, basa lemes. Basa lemes digunakan upama nyarita ka jalma saluhureun/jalma nu karek kenal. Basa Loma/sedeng biasana dipake lamun ngobrol jeung babaturan. Conto Bahasa Lemes : Pa Tata nembe sumping ti Jakarta Ibu bade tuang di meja Makan Bahasa kasar : Maneh mah ulin wae! Si Usro gawena ngan dahar Bahasa loma : (lamun ngobrol jeung babaturan) 2. Paguneman asal kecapna Gunem hartina silih tempas(saling berbalasan). Dina paguneman, aya dua jalma atau leuwih nu ngobrol/nyarita. Dina Bahasa Indonesia Paguneman= Dialog 3. Paguneman bisa dilaksanakeun umpama urang Nelepon. Tatakrama waktu nelepon : a. Pencet nomer nu dituju b. Cekel/pegang gagang telepon c. Ucapkeun Hallo/Assalamualaikum 4. Pupujian.Pupujian mangrupa Karya sastra Sunda nu ditulis dina wangun ugeran(dalam bentuk puisi) Unggal agama miboga tatacara pupujian masing-masing. Di agama Islam,pupujian biasana dilaksanakeun di masjid/madrasah.Tujuan pupujian nyaeta pikeun muji Allah. Muji kaagungan Allah. 5. Conto pupujian: Gusti Urang sadayana Kangjeng Nabi anu Mulya Muhammad jenenganana Arab Qures nya bangsana Ibuna Siti Aminah Ramana Sayid Abdullah Dibabarkeuna di mekah Wengi senen taun gajah Pupujian di luhur diwangun ku 2 pada (bait) Unggal bait aya 4 padalisan (baris) Gabungan Bait ka1 jeung ka 2 jadi aya 8 padalisan 6. Kaulinan barudak( permainan ana-anak) Aya rupa-rupa kaulinan barudak. Kaulinan pikeun budak awewe (beklen,anjang-anjangan,sapintrong, congklak Kaulinan pikeun budak lalaki (maѐn langlayangan, maѐn kalѐci, bѐbѐntѐngan, boy-boyan) 7. Babasan : gede hulu= sombong Hejo tihang= sok pipindahan Panjang leungeun= sok maling Hampang birit= rajin Beurat birit = kedul/malas Paribasa: Kawas ucing jeung anjing= Tidak pernah akur Unggah bale watangan= di Bui (di penjara) Kawas cai dina daun taleus= tidak punya Pendirian. 8. Dongeng Jenis-jenis dongeng: a.Fabel (eusina tentang sasatoan) Conto: Sakadang Monyet jeung Kuya Maling Cabe b. Sasakala/Legenda( Asal-usul kajadian tempat) conto: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu d. Mithe (eusina nyaritakeun mahluk gaib/Dewa-dewi Conto : Dongeng Nyai Roro Kidul 9. Jenis-jenis kecap (jenis-jenis kata) a. Kecap barang(kata benda) : Baju, Lomari,HP, buku,Tas b. Kecap sifat: Ogoan, geulis,Panjang leungeun,gedehulu c. Kecap bilangan: lima, sakilo, sameter, sabungkus, sakilo d. Kecap Pagawean: nulis,maca,nyanyi,lumpat 10. Tokoh-tokoh nu aya dina Dongeng Sasakala Gunung Tangkuban Parahu : Si Tumang,Sangkuriang,Dayang Sumbi. 11. Karangan Pangalaman nyaѐta karangan nu ditulis dumasar data, kanyataan, caritana kaalaman ku sorangan. Catatan : Baca-baca juga Materi yang berhubungan dengan kisi-kisi di atas yah ( Dari Buku Paket atau catatan)